Heldani, Erik


Seuseurian Sorangan Jiga Nu Gelo
May 28, 2009, 10:07 am
Filed under: Ga Serius

Upami ditaros, “Saha lalakon nu panglucuna ayeuna nu saban dinten nonghol di tipi?” pasti abdi mah ngajawab: FITRI TROPICA!!!

Huhuhuhuhu…. awewe nu hiji ieu teh sanes lucu jiga Jojon atanapi jiga badut (eh, da badut mah euweuh lucu-lucuna acan), si Neng Fitri teh kaluaran anyar di tipi swasta nasional. Manehna sering pisan nonghol di acara nu aya bobodoranna. Saumpamana: Prime Time, Missing Lyric, sareng Narsis.tv.

Tah, nu tiap dinten ditinton ku abdi mah nya acara nu disebutkeun kadua di luhur. Missing Lyric. Acarana teh lain acara bodor, tapi acara nyanyi biasa, ngan nu nyanyina teh sanes bisuan wungkul, seueur selebritis sanes nu tara nyanyi-nyanyi acan tiasa ngiring acara ieu. Nah, Neng Fitri ge asalnamah ngiringan nyanyi. Tapi baheula teh ngan kenging rp 2, 5 juta wungkul. Karunya nya?! Anu sanes mah aya nu nepi kenging ka Rp 100 juta. Neng Okky Lukman nu kenging Rp 100 juta teh.

Tapi ayeuna mah Fitri teh sanes janten peserta deui di Missing Lyric teh, tapi janten Co-Host. Haduuuh, Co-Host basa Sundana naon nya? Teu ngarti euy uing mah.

Pokona mun Fitri nu jadi Co-Host ngarencangan Host Irgi Fahrezi, urang kudu nonton. Rame pisan mun aya manehna. Urang sok teu kuat seuri ningali manehna ujrat-ajrut jeung gogorowokan teu puguh. Jibrut lah pokonamah.

“JAWAAAAABANNYA AAAADAAAAAAAALAAAAHHHHHH……….” Kitu tah ceuk Neng Fitri bari ngagorowok.

Taaahhh, mun manehna nonghol di Prime Time, benten deui caritana. Neng Fitri nu geulis panggeulisna sadunya teh maen janten De Rahma, budak awewe nu boga kabisa leuwih. Pokona leuwih ti batur. Cara ngomongna ge teu jiga budak sejen mun ngomong. Pasti weh aya basa Inggrisna. Jeung deuih aya… Snap snap snaaaap…. Ow My God, Whats on earth are you thinkin about?, pokona sagala rupa babasaan jiga budak gaul ayeuna.

Trus, ayeunamah mun kuring keur sono ka manehna, sok muka Blog-na, http://fitataglance.blogspot.com/search?

Mun teu disangka jadi budak autis, pasti kuring disangka jadi nu gelo kusabab sok seseurian sorangan maca tulisanna.

Teu percaya??? Sok weh baca sorangan!!!!

trus, ieu yeuh potona:

pose ajah gitu kaya cecak nemplok di kaca

pose ajah gitu kaya cecak nemplok di kaca

hahahahaha…. kuring bisa seuseurian jiga nu gelo lah mun ingat ka budak awewe ieu!




No Comments so far
Leave a comment



Leave a comment
Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong>